Sabtu, 29 Agustus 2015

Pengertian Biantara Sunda



Biantara

          Biantara the lain ngan sakadar nepikeun omongan hareupeun balarea. Malah teu sakabeh jalma bisa biantara kalawan hade. Eta the lantaran biantara mikabutuh kaparigelan. Cindekna aya senina. Munasabah mun di batur mah biantara the sok di sebut “art of speech” atawa seni nyarita.


  • ·       Nyangkem Struktur Biantara

          Biantara the umumna mah diomongkeun (dilisankeun). Tapi ata oge anu ditulis tuluy di baca keun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua bae, nya eta aya bubuka,eusi,jeung aya bagian panutupna.
Salam Pamuka
Assalamu’alaikum Wr.Wb
Mukadimah
          Sadaya puji kagungan Alloh anu mubreng alam. Solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad Saw.
Ngahaturkeun Pawilujeungan ka nu Hadir
Ibu sareng Bapa hormateun simkuring
Eusi Biantara
          Dinten ieu the kalintang bagjana kanggo simkuring sadaya. Oge janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wireh simkuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan simkuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, oge ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru….Jst
          Sanduk-sanduk menta di hampura jeung nepikeun du’a wilujeng kantun Ibu. Wilujeung kantun Bapa… mung du’a anu ku simkuring di teda sareng di hapunten anu kasuhun mugi gusti nangtayungan.
Salam Panutup
Wassalamu’alaikum Wr.Wb

  • ·       Neuleuman Padika Biantara

          Biantara teh sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Aya sawatara factor anu ngalantar keun biantara. Eta factor the urang sebut bae T-A-M-A-N, singgetan tina:
-         Tatag Nyaritana
-         Aktual Temana
-         Munel Eusina
-         Alus Basana
-         Ngandung wirahma


0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.

Popular Posts

Facebook

https://www.facebook.com/almughni17