Senin, 24 Agustus 2015

Contoh Drama Sunda


           Naskah ini dibuat pada saat memperingati 17 Agustus atau hari Kemerdekaan Indonesia, naskah ini di susun oleh Ibu Tikti dan dibantu oleh saya sendiri,Yola Setia,Agistalia Rizki,Ayu Tristianty,Firman Maulana,dan,Yayus Nugraha. Naskah ini di buat selama 2 hari dan apabila ada kekurangan atau kesalahan dalam naskah ini saya meminta maaf yang sebesar-besar nya. semoga naskah ini bisa bermanfaat dan menjadi inspirasi.

Perjuangan Bangsa Indonesia
          Zaman baheula rakyat Indonesia tenang, aman tur tentrem.
Bahar        : Alhamdulillah ya Alloh simkuring tos dipaparinan rizki nu sakieu ageing, sawah nu sakieu ngeplakna, tutuwuhan nu sakieu suburna, jeung alam nu sakieu endahna, ngeunah hirup the aman tentrem, pamajikan geulis, budak sehat, Alhamdulillah…….
          Torojol pamajikanana
Bebeb        : Assalamualaikum….akang…kadieu geura tuang, abdi parantos masak tuangeun kasedep akang ieu semur jengkol tea anu pedo pisan…
Bahar        : oh ayang beb kabeneran akang the geus lapar, yap kadieu ath akang rek kukumbah leungeun heula sakeudeung.
          Brak maranehna dalahar
Bebeb        : geuning akang pare the meuni geus koneng, geus meujeuhna di panen ath kang.
Bahar        : eeeuuuu(teurab)…. Alhamdulillah bebeb meni nikmat kieu geuning semur jengkol buatan bebeb the katampi pisan..
Bebeb        : muhun ath kang ari katampi mah, yuk ath kang urang mulih we da atos bade bedug lohor sakedap deui ge
Bahar        : Yuk ath bebeb…
          Maranehna baralik ka imahna.
          Lain deui caritana si Entong, si Encep, jeung neng Siti
Entong      : Encep urang ulin ah ka belah kidul
Encep        : kamana ath tong, da urang mh tara ulin, arera ah….
Entong      : eh hayu eta diditu aya awewe anu geulis, susuganan we ath daekeun ka urang
Encep        : hayu atuh tong tapi urang mh nganter we hungkul nya
          Maranehna arindit kabelah kidul
Entong      : cep itu tuh awewe anu ditaksir ku urang the
Encep        : nu mana nu itu (nunjuk ka benc***)
Entong      : heueuh nu itu
Encep        : eh maneh dadaekanan kana kitu… rek jeruk makan jeruk maneh the, entong dosa
Entong      : ari maneh nu mana atuh lain nu eta, tuh nu itu, nu eta ma hath jurig ge lumpat melong nu eta mah.
                      Neng….neng…tiasa kenalan
Siti             : mangga kang, ari name akang saha? Pami name abdi mah                              Siti
Entong      : perkenalkeun akang Sule Steven
Encep        : abi mah cecep gorbacep neng putrana mamah eneng sareng bapa asep ti palih kaler (bari susuruntul)
Entong      : ih cicing ath kan maneh mah ngan nganteur hungkul, enggeus tong ngilu kenalan ath cicing weh
Encep        : bae ath saeutik mah
Entong      : neng siti akang the tiasa sulap, tiasa nambut panangan eneng sakedap
Siti             : mangga akang bde kumaha
Entong      : tiasa nambut curukna? Ieu curuk eneng tiasa ngaleungit gera.. sok peureum gera eneng na, penonton tolong di bantu ya… simsalabim jadi apa prok prok prok (curuk neng siti di abuskeun kana irung). Tuh ngaleungit pan
Siti             : Ih si akang mh aya-aya wae
Entong      : neng akang bde tumaros wios ulah?
Siti             : mangga akang bde tumaros naon?
Entong      : ari 1+2 sabaraha?
Siti             : nya 3 ath akang
Entong      : Itulah 3 kata cinta kanggo eneng I Love You
Siti             : eh akang janten isin eneng the, pami kitu mah I Love You                                too weh
          Kitu salahsahijina kaayan di zaman baheula, nepi ka hiji mangsa aya urang asing datang ka Indonesia.
Menir         : wel wel wel oh momi lihat pemandangan di Indonesia ini sungguh indah, ditambah hasil pertanian dan perkebunan yang melimpah oaaaaaa senang sekali tinggal di sini ya momi.
Momi         : wel wel wel papi, momi juga senang sekali tinggal disini yah walau makanannya aneh tapi kita bisa hidup senang di sini tidak seperti do Holand sana, susah sekali kita miskin ya papi
Menir         : wel wel wel ya momi benar sekali
          Yuzeng jeung Yuseng ninggali orang asing maranehna nyamperkeun orang asing eta
Yuzeng      : seng tinggali ari itu jelema atawa anak munding meni beureum kitu kulitna bari buluan barodas kitu
Yuseng      : enya zeng, asa kakara nempo urang mah, cing urang samperkeun yu.. saha nu nyaho, jelema beunghar urang deukeutan we ku urang.
Yuzeng      : heueuh ath yuseng hayu atuh, halo tuan ari tuan the siapa                              nya
Menir         : wel wel wel, kalian orang Indonesia ya… what is your                                       name?
Yuzeng      : eleuh si tuan kadon nanyakeun nem, beut urang mh boboraah boga nem skola oge heunteu nya seng
Yuseng      : enya, lain nem meuereun maksudna mah cing Tanya deui                               atuh
Yuzeng      : tuan, ari tuan the nanya naon nya?
Menir         : name.. nama..nama kamu siapa?
Yuseng      : ngaran zeng, ngaran maneh saha meureun zeng
Yuzeng      : yuzeng tuan mun ieu balad yuzeng ngarana yuseng
Menir         : wel wel wel jadi nama kamu yuzeng sama yuseng, kamu berdua mau kerja sama saya?
Yuzeng      : kumaha seng daek moal?
Yuseng      : tanyakeun heula gajihna kaharti moal? Mun kaharti mah                       sikat …
Yuzeng      : tapi gawena naon nya?
Yuseng      : ah kumaha engke weh gawena mah nu penting mah                                 gajihna
Yuzeng      : enya ath, siap tuan asal gajihna weh sasuai
Momi         : wel wel wel kalian tenang saja kalau soal uang, tak masalah                 buat kami
Menir         : wel wel wel betul sekali, saya mau kalian membeli hasil panen masyarakat di sini and tanah mereka tapi dengan harga yang murah jangan mahal-mahal, kalau mereka tidak mau pakai saja dengan cara kekerasan, kamu mengerti?
Yuzeng      : oh kitu tuan, siap lah tapi bayaran keur Yuzeng jeung Yuseng mah tong murah atuh tuan nya
Menir         : wel wel wel kalian tidak usah khawatir
          Yuzeng jeung Yuseng ngadatangan imah warga nu boga tanah jeung hasil tani
Yuzeng      : seng tadi geus ka imah ma oya,ma erum, ceu imas, ceu ena kabehanana geus di cokot tinggal ka imah kang Bahar
Yuseng      : tapi zeng urang mah sok rada soak ku pamajikanana kan Bahar meni sakitu galakna the, kang bahar ge kan ka asup kana organisasi Susis
Yuzeng      : nya ath naon Organisasi susis the?
Yuseng      : Susis the model singkatan deui, siga Kades :kepala desa, RW :rukun warga,RT :rukun tetangga
Yuzeng      : heueuh ari susis the naon?
Yuseng      : enya siga kades
Yuzeng      : heueuh nyaho Kades: kepala desa, RW : rukun warga,RT:rukun tetangga, euh maneh mah eleh ku penonton ditanya the naon penonton?(suami sieun istri)
Yuseng      : enya eta we lah
          Yuzeng jeung Yuseng ngadatangan imah kang Bahar
Bahar        : aya naon zeng,seng?
Yuseng      : kieu we ayeuna mah Bahar, ieu duit tarima eta hasil panen rek diangkut ku urang jeung tanah jadi milikna si menir, geus we tong loba omong
Bahar        : eh teu bisa kitu ath da kudu bebeja heula ka ayang bebeb,ayang bebeb, ayang bebeb kadieu gera ieu akang di rempug ku duaan
Bebeb        : aya naon ari akang, nyaho pamajikan the keur riweuh ngurus budak nu hiji ngadat hayang jajan nu hiji can di ombehan nu hiji hayang susu jabaning beuteung arareungap, cing ath nya he heula
Bahar        : ayang bebeb ieu ath yuzeng jeung yuseng bangor ka akang
Bebeb        : euh iyeu mah lalaki the epesmeer pisan, naon ath yuzeng yuseng ari maneh kadon ngaheureuyan salaki urang
Yuzeng      : ieu hasil panen jeung tanah nu eceu rek di beuli ku si mister, tah duitna, mun teu daek keluarga eceu rek dipenjara keun, tah duitna.
Bebeb        : embung atuh maneh mah kadon rek ngajual bangsa sorang an yuseng yuzeng……..
          Menir jeung antek antekna beuki ngarajalela, nu ahirna bangsa Indonesia the hirup salangsara tur ka siksa barudakna teu kaurus, kalaparan dimana-mana.
Bahar        : ayeuna urang kudu bangkit, urang geus teu kuat hirup di jajah ku bangsa lain, hayu para pamuda urang babarengan,urang bangkit ngalawan penjajah
Entong      : rek ngalawan make naon ath kang, da maranehna mah make bedil ari urang rek make naon boroboro rek ngadek rek ngaheumat ge geus ditembak manten
Bahar        : tong hariwang jang entong urang pasti bisa ngalawan ari ku babarengan mah, yu urang ajakan para pamuda nu lainna
          Para pamuda ngahiji boga tekad anu sarua rek ngusir penjajah ti leumah cai na di camp tentara, peperangan antar warga Indonesia ngalawan penjajah. Si entong kabogohna neng siti ka tembak ku si Mister
Encep        : entong sing kuat entong, sakadeung deui balabantuan bakal datang, maneh kudu bisa nahan…..
Entong      : encep urang geus teu kuat… bikeun ieu ka neng siti…urang mihape neng siti ka maneh tong di nia-nyia keun neng siti eeeeuuuuuu……
          Nu ahirna bangsa Indonesia berhasil ngusir panjaja leumah cai urang
Menir         : Yuzeng Yuseng, kami mau pulang kampong sja, bangsa kalian sudah menghancurkan kami
Momi         : wel wel wel Yuseng yuzeng, kami mau minta ongkos buat pulang, kami sudah tidak ada uang
Yuzeng      : eleuh ongkoh beunghar cenah seng tapi teu boga keur ongkos-ongkos acan
Yuseng      : bae we bere kan urang meunang duit loba ti manehna, geus we meh tereh arindit jeung urang ge urang indit ti lembur ieu
          Bahar balik ka imahna tina ka ayaan bungah bari nepangan ayang bebebna
Bahar        : ayang bebeb…akang datang…oh…ayang bebeb akang meunang
Bebeb        : akang naha akang the beut salamet…eh salah kang… Alhamdulillah akang salamet….
Bahar        : Alhamdulillah urang bisa ngapimilik tanah urang deui
Bebeb        : syukur ath kang, urang bisa hirup aman tur kacumponan keur dahar sapopoe
          Lain deui caritana jeung entong nasibna teu saberuntung Bahar
Encep        : Assalamu’alaikum neng
Siti             : Wa’alaikumsalam kang, eh kang encep.. naha kang nyalira                             wae
Encep        : muhun neng, kieu akang the… kumaha ath nya bingung saleureusna mah akang the
Siti             : aya naon ath kang eneng the janten rareuwas kieu
Encep        : Eneng sing sabarna nya, saleresna mah kang entong the nitip ieu ka akang
Siti             : oh kang entong…….. naha kang entong the beut tega ninggalkeun abdi…..
Encep        : sabar neng…… sing sabar
          Foto Entong anu di cekel kun eng siti ragrag
Encep        : tos we teu kedah di emutan wae anggur mah urang do’a keun we mudah-mudahan kang entong di tempatkeun di tempat anu sae
Siti             : Muhun kang
Encep        : ayeuna mah yu urang sasarengan sareng akang ngabina hirup kapayuna
Siti             : Muhun ath kang hayu..
          Ahirna bangsa Indonesia hirupna tenang,tentrem tur aman, nemg Siti jeung Kang encep ngabina rumah tangga aranjeuna hirup bahagia

0 komentar:

Posting Komentar

Diberdayakan oleh Blogger.

Popular Posts

Facebook

https://www.facebook.com/almughni17